DUIT LEUNGIT


(Kacaritakeun poe ayeuna, si cepot datang ka imah sobatna si kabayan. Maksud hate hayang minjem duit, apalah daya leungeun teu nepi. Lain ku sabab si kabayan teu boga duit, tapi pamajikanana nu medit kucrit.)

(Nyi iteung keur ngakeul di jero imah. Kabayan gogoleran di kamar. Cepot datang.)

Cepot : sampurasunn
Cepot : sampurasun
Cepot : sampurasun
Cepot : sampura ( beungeut nyi iteung pas di hareupeun beungeut si cepot pas si cepot malik) sunnnn

Iteung : (bari jamedud) naon naon naon? Rek nginjeum duit deui maneh pot hah?
Cepot : naon ari iteung ih, urang mah rek ngajak si kabayan ngala nangka
Iteung : alah ngaku siah. Ngabobodo ka aing (bari mamawa centong siap rek nakol)
Cepot : sabar teung sabar. Bisi jadi bodas kena ari gogorowokan wae mah
(Kabayan kaluar ti imah bari make kopeah jeung sarung)

Kabayan : hahhahaha kade teung di takol mah rubah jadi hejo eta beungeut si cepot teh. Atuh rusak nagara kitu mahh. Si cepot jadi buta hejo hahaha

Cepot : yeh borokokok. Lin mantuan ka sobat teh
Iteung : heh uing pamajikanana, naha kudu mantuan silaing atuh
Kabayan : (bari seuri) hahahaha geus hayu cang ngala nangka

(Di kebon nangka.)

(Saenggeus nangka diala, si cepot jeung si kabayan diuk dihandapeun tangkal nangka. Si cepot nyarita rek nginjeum duit deui 5 rebu.)

Kabayan : naha ari silaing kunaon pot? Duit kamari kamana? Pan geus dibere ku urang teh 5 rebu

Cepot : tah eta yan. Bingungna urang. Duit kamari teh leungit

Kabayan : leungit dimana?
Cepot : teuing tah. Urang kaluar ti bakso mang dia teh joljol euweuh we.
Kabayan : (aneh) naha bisa kitu ih?
Cepot : teuing tah.
Kabayan : pas abus aya keneh?
Cepot : aya
Kabayan : pas dahar?
Cepot : ayaa.
Kabayan : pas kaluar?
Cepot : euweuh. Dihipnotis kitu urang?
Kabayan : maenya?

Cepot : heueuh da euweuh
Kabayan jeung cepot cicing bri mikir
Kabayan : alhamdulillah kamari urang jeung si iteung ka bakso mang dia duit urang teu leungit

Cepot : naha bisa kitu?
Kabayan : sieun meureun mang dia ka urang. Sabab urang jawara
Cepot : heuh jawara nangka. Wanina papanggih jeung nangka bari dipalidkeun ge. Ka mitoha mah sieun.

Kabayan : yeh nya. Moal dibere hutang deui geura ku urang mah.
Cepot : atuh atuh, da kasep kabayan mah bari jeung jawara nangka ge
Kabayan : cing cang selidiki nyah. Bet bisa leungit kitu duit teh.
Cepot : Kumaha carana?
Kabayan : ngilu we
(Duanana indit ka deukeut warung bakso mang dia. Pas aya jelema nu rek abus jeung kaluar, ditahan jeung diintrogasi mawa duit sabaraha pas asup jeung sesa sabaraha pas kaluar. Saenggeus aya 6 urang nu di selidiki, si cepot jeung kabayan balik ka imah kabayan.)

Kabayan : nyi, kopi
Cepot : nyi bala-bala haneut sapiring hahaha
Kabayan : maneh mah
Kabayan : pot naha bisa kitu heueuh? 6 urang nu tadi ditanyaan, jawabana sarua. Duitna ngurangan pas kaluar ti warung bakso mang dia. Bisa kitu nya?

Cepot : ceuk urang ge dihipnotis meureun
Kabayan : aneh euy
(Si iteung datang mawa kopi sacangkir.)

Cepot : naha ngan hiji?
Iteung : beak kopina (bari sinis)
Cepot : tuh nya. bala-balana?
Iteung : can meuli tariguna
Cepot : tuh geura. Ari aya tamu teh disuguhan yeuh nyi. Tamu adalah raja.

Iteung : tamu adalah raja, urang nu boga kuasa.

Kabayan : geus geus cicing jempe. Keur bingung urang teh yeuh nyi.
Iteung : ceuk nyai ge tong diimjeumkeun ka si cepot duit teh. Bingung mikiran sabaraha hutangna saking ku lobana?

Cepot : heh
Kabayan : lain kitu. Yeuh duit si cepot teh leungit saenggeus ti warung baso mang dia nu di kulon teh

Iteung : leungit?
Kabayan : heueuh leungit
Iteung : sabaraha?
Cepot : 5 rebu

Kabayan : lain duit si cepot wae nu euweuh teh. Duit si unyil, pak raden, adit, bang jarwo, kang iding, mang yono

Iteung : murag meureun (serius)
Cepot : ah da henteu
Kabayan : maenya duit si unyil jeung nu sejen ge murag?
Iteung : naha rombongan si unyil leungit sabaraha oge?
Cepot : 5 rebu. Sarua deuih euweuh na teh pas kaluar ti warungna
Iteung : (ngerutkeun kening, mulai curiga) cing ari maneh ka warung mang dia nanaonan?

Cepot : nya dahar baso, maenya rek ngarujak mah
Iteung : belegugggg maneh. Nya eta duit teh dipake meureun keur mayar baso!!!!
Kabayan : ......
Cepot : ......
Iteung : Rombongan si unyil ge dahar baso lin di teun mang dia teh? Teu ngarujak?
Kabayan : heueuh dahar baso.
Cepot : heueuh
Iteung : nya heueuh eta, dipake mayar baso.
Kabayan : naha da duit akang mah kamari teu ngurangan pas dahar baso teh
Iteung : kamari iraha?
Kabayan : kamari salasa
Iteung : APANAN NYAI NU NYEKEL DUIT KEHED. AKANG TEU MAWA DUIT. NYAI NU MAYAR !!!

Kabayan : ohhh heueuh atuh sukur ari aya mah. Boa mah rek dilaporkeun ka pa RW
Iteung : makana pikiran teh dipake. Otak kaalus alus dibere ku gusti teu dipake mah keur naon yeuh kang. Amit-amit si utun tong jiga bapa.

Cepot : ari teu jiga bapana mah meureun anak saha eta nyi?
Iteung : teuing ah. Mana nangka?
Cepot : pan dipalidkeun biasana ge
(Nyi iteung ngambek. Tuluy abus ka imah. Si cepot jeung si kabayan masih mikiran duit bari ngopi sagelas kuduaan.)

NB : Naskah ini sempat dipentaskan dalam perpisahan kelas 9 MTs Amanah Mukhlishin Sumedang, Jawa Barat tahun 2018.

0 Komentar